iBet uBet web content aggregator. Adding the entire web to your favor.
iBet uBet web content aggregator. Adding the entire web to your favor.



Link to original content: https://su.wikipedia.org/wiki/Leuwi
Leuwi - Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas Lompat ke isi

Leuwi

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
Leuwi anu aya di handapeun jambatan Ci Manuk

Leuwi; lubuk (id) nyaéta bagéan anu pang jerona tina susukan, situ atawa laut.[1] Di walungan leuwi téh nunjul kana bagian anu jero sarta lega (leuwih lega tibatan bungkeureuk ) , palid na cai di palebah leuwi katémpo kawas ngeuyeumbeu padahal ngabulak ti jero. [2] [3] Di susukan, leuwi téh mangrupa tempat nyumput jeung hirupna rupa-rupa sato cai, kayaning lauk, hurang, keuyeup, sidat, jeler, jeung sajabana. Leuwi larangan, tayalian leuwi anu henteu meunang sagawayah didatangan ku Samarangan jalma. Alatan dipiara pikeun ngajaga kalumangsungan hirup pangeusina, bisa jadi ngan wungkul didatangan ku jalma anu meunang ijin atawa ménak anu kumawasa (mangsa baheula). [4]

Paribasa

[édit | édit sumber]

Aya sababaraha paribasa anu ngagunakeun kecap leuwi :

  1. Kawas ngalungkeun kuya ka leuwi : Nempatkeun atawa merenahkeun saurang dina tempat anu dipikaresepna.
  2. Ka cai jadi saleuwi ka darat jadi salebak : Hirup bareng bari sauyunan.

Dongéng

[édit | édit sumber]

Henteu saeutik dongéng anu nyokot leuwi jadi hiji tempat anu jadi bahan pikeun dicaritakeun atawa di guar, ngagambarkeun kumaha kaayan leuwi, kaayaan sabudeureunna tur pangeusi leuwi. [5]

Ngaran tempat anu maké kecap leuwi

[édit | édit sumber]

Loba pisan ngaran tempat anu maké kecap leuwi dina hiji keun jeung kecap séjén, saperti : Leuwihideung, Leuwiliang, Leuwigoong, jeung réa-réa deui.

Dicutat tina

[édit | édit sumber]
  1. Marleily, Marleily; Proyek Inventarisasi dan Dokumentasi Kebudayaan Daerah (Indonesia) (2006). Sistem kepemimpinan di dalam masyarakat pedesaan daerah Riau. Universitas Michigan: Departemen Pendidikan dan Kebudayaan, Proyek Inventarisasi dan Dokumentasi Kebudayaan Daerah. p. 102. ISBN - Check |isbn= value (bantuan). 
  2. Luthfiyani, Lulu (2016). BUDIDAYA IKAN GABUSLuthfiyani. Jakarta: Frasa Lingua. p. 48. ISBN 9786026475275.  Disungsi16 Mei 2024
  3. Tanu Saputra S. Pd, A. Solnadi (2003). Mustika Basa SD 4B (KBK). Michigan University: Grasindo. p. 91. ISBN 9789797594091.  Disungsi1 April 2021
  4. Henrayana, Dian (2019). Kamus basa Sunda-I ndonesia. Jakarta: Bhuana Ilmu Populer. p. 148. ISBN 9786232164123.  Disungsi1 April 2021
  5. Dokumentasi Kebudayaan, Proyek Inventarisasi dan Dokumentasi Kebudayaan Daerah (Indonesia) (1980). Cerita rakyat: (mite dan legende) : daerah Jawa Barat. Jakarta: Proyek Inventarisasi dan Dokumentasi Kebudayaan Daerah, Pusat Penelitian Sejarah dan Budaya, Departemen Pendidikan dan Kebudayaan. pp. 22–31. ISBN - Check |isbn= value (bantuan).  Disungsi2 April 2021