Wallis jeung Futuna
Wallis jeung Futuna, resmina Téritori Kapuloan Wallis jeung Futuna (basa Perancis: Wallis et Futuna/Territoire des îles Wallis et Futuna, Fakauvea jeung basa Futuna: Uvea mo Futuna), mangrupa téritori pulo Perancis di Polinésia di Pasifik Kidul antara Tuvalu, Rotuma (Fiji), bagian utama Fiji, Tonga, Samoa, Tokelau, jeung Kapuloan Phoenix (Kiribati).
Aréa daratanna 264 km2 kalawan populasi kira-kira 15.000. Mata-Utu mangrupa ibu kota jeung kota panggedéna. Téritorina kajieun ti tilu pulo tropis vulkanis jeung aya ogé sababaraha pulo leutik. Kapisah 260 km kana dua grup, Kapuloan Wallis (Uvéa) di kalér-wétan, jeung Kapuloan Hoorn (Kapuloan Futuna) di kidul-kulon, kaasup Pulo Futuna jeung Pulo Alofi.
Ti 2003 Wallis jeung Futuna geus jadi Koléktivitas peuntas laut Perancis (collectivité d'outre-mer, atawa COM). Antara 1961 jeung 2003, miboga status wewengkon peuntas laut Perancis (territoire d'outre-mer, atawa TOM).
Pulitik
[édit | édit sumber]Wewengkon ieu dibagi kana tilu karajaan tradisional (royaumes coutumiers): Uvea, di pulo Wallis, Sigave, di bagian kulon pulo Futuna, jeung Alo, dina pulo Alofi jeung bagian kalér pulo Futuna (ngan Uvéa nu dibagi deui, kana tilu distrik):
Distrik Karajaan |
Ibu kota | Aréa (km²) |
Populasi Sénsus Juli 2008[3] |
Désa |
---|---|---|---|---|
Kapuloan Wallis | ||||
`Uvea (Wallis) | Matāʻutu | 77,5 | 9.227 | 23 |
Hihifo ("kulon") | Vaitupu | 23,4 | 2.203 | 5 |
Hahake ("wétan") | Matāʻutu | 27,8 | 3.759 | 6 |
Mu'a ("kahiji") | Mala'efo'ou (1) | 26,3 | 3.265 | 12 |
Kapuloan Hoorn | ||||
Sigave (Singave) | Leava | 30,0 | 1.591 | 6 |
Alo | Mala'e | 85,0 | 2.666 | 9 |
Wallis jeung Futuna | Matāʻutu | 192,5 | 13.484 | 38 |
(1) baheula kawanoh salaku Mua
Ibu kota wewengkon ieu nyaéta Matāʻutu dina pulo Wallis. Salaku wewengkon ti Perancis, wewengkon ieu diparéntah dina Konstitusi Perancis 28 Séptémber 1958, jeung miboga hak pilih universal pikeun sasaha nu yuswana 18 taun atawa leuwih. Présidén Perancis dipilih ku sora nu panglobana pikeun jabatan lima taun; administrator luhurna ditunjuk ku Présidén Perancis kalawan saran ti Mentri Jero Nagri Perancis; présidén Pamaréntaha Téritorial jeung Majelis Téritorial dipilih ku anggota majelis.[5]
Tempo ogé
[édit | édit sumber]Réferénsi
[édit | édit sumber]- ↑ a b World factbook: Wallis and Futuna Archived 2017-10-11 di Wayback Machine
- ↑ "Kapeliele Faupala crowned new king of Wallis". Radio New Zealand. 2008-07-25. Diarsipkan dari yang asli on 2008-07-25. http://www.webcitation.org/5ZZYITUZa Archived 28 Juli 2013 di Wayback Machine
- ↑ a b INSEE. "Les populations des circonscriptions du Territoire des îles Wallis et Futuna". Government of France. Diakses tanggal 13 January 2009. Archived 3 Oktober 2016 di Wayback Machine (Basa Perancis)
- ↑ a b (Basa Perancis) INSEE, CEROM. "L’économie de Wallis-et-Futuna en 2005: Une économie traditionnelle et administrée" (PDF). Diakses tanggal 1 July 2008. Archived 9 Séptémber 2008 di Wayback Machine
- ↑ James, PhD, Gilad (2012). Introduction to Wallis and FutunaJames, PhD. Jakarta: Gilad James Mystery School. p. 33. ISBN 9785839339361. Disungsi 28 Méi 2024
Tumbu kaluar
[édit | édit sumber]- Loka resmi Majelis Archived 2007-10-18 di Wayback Machine (Basa Perancis)
- Loka resmi Administrateur supérieur de Wallis et Futuna Archived 2012-06-21 di Wayback Machine (Basa Perancis)
- Éntri Wallis and Futuna di CIA World Factbook
- Wallis jeung Futuna Archived 2014-03-26 di Wayback Machine ti UB Libraries GovPubs
- Wallis jeung Futuna di Open Directory Project
- Atlas Wallis and Futuna Wikimedia, ngandung peta ngeunaan Wallis and Futuna.
Tempo ogé Wallis jeung Futuna di Wikivoyage
- Peta Wallis jeung Futuna, kalawan wates distrik Archived 2006-05-03 di Wayback Machine
- (Basa Perancis) Information ngeunaan Wallis jeung Futuna Archived 2011-09-03 di Wayback Machine
Galat Lua: bad argument #2 to 'title.new' (unrecognized namespace name 'Templat').
Artikel ngeunaan géografi ti hiji nagara atawa wewengkon ieu mangrupa taratas, perlu disampurnakeun. Upami sadérék uninga langkung paos perkawis ieu, dihaturan kanggo ngalengkepan. |