Daun
Artikel ieu teu boga rujukan sumber nu bisa dipercaya jadi eusina teu bisa divérifikasi. Pitulung ngabenerkeun artikel ieu kalawan nambihkeun rujukan nu bener. Artikel nu teu bisa divérifikasi bisa dihupus ku Kuncén. |
Dina botani, daun téh salah sahiji organ di bagéan luhur tutuwuhan nu miboga fungsi pikeun fotosintésis.[1] Pikeun tujuan ieu, daun téh bentukna datar/cépér tur ipis, sangkan sél-sél nu ngandung kloroplas (jaringan klorénkim) kasorot ku cahya (panonpoé), sarta nyerep/nembus kana jaringanana.[rujukan?] Dina lolobana tutuwuhan, daun ogé mangrupa tempat lumangsungna réspirasi, transpirasi, jeung gutasi.[rujukan?] Daun bisa neundeun dahareun jeung cai, sarta, pikeun sababaraha tutuwuhan lian ogé mibanda pancén lianna deui.[rujukan?]
Anatomi
[édit | édit sumber]Daun tangkal kembangan nu lengkep diwangun ku petiola (watang daun), lamina (lambaran daun), jeung stipula. Tempat napelna petiola kana watang disebut axil daun. Teu sakabéh tutuwuhan daunna lengkep kawas kitu. Dina sababaraha spésiés, stipulana teu écés atawa sama sakali euweuh, euweuh petiolaan, atawa lambar daunna teu laminar (datar). [rujukan?]
Daun téh mangrupa salah sahiji organ tutuwuhan nu ilaharna diwangun ku sababaraha jaringan:
- épidermis nu mungkus beungeut luhur jeung handap
- klorénkim interior nu disebut mésofil
- rangka véna (jaringan pembuluh).
Épidermis
[édit | édit sumber]Épidermis mangrupa kelompok sél luar multilapis nu ngabungkus daun, nu jadi wates antara tutuwuhan jeung dunya luar. Épidermis mibanda sababaraha pancén: ngajaga sangkan cai teu leungit, ngatur panukeuran gas, sékrési sanyawa métabolik, jeung—dina sababaraha spésiés—pikeun nyerep cai. Lolobana mah daun téh mibanda anatomi dorsoventral: beungeut luhur (adaxial) jeung handap (abaxial) nu wanda jeung pancénna bisa béda.
Épidermis ilaharna transparan (sél épidermal teu ngandung kloroplas) sarta dilapis ku kutikula nu ngandung lilin pikeun ngahambat nyaabna cai. Kutikula ieu biasana mah leuwih ipis di épidermis bagian handap, sarta leuwih kandel dina daun nu hirup di wewengkon nu iklim garing.
Morfologi
[édit | édit sumber]Karakter luar daun (kayaning bentuk, margin, bulu, jsb.) téh penting pikeun nangtukeun spésiés tutuwuhan. Struktur ieu téh mangrupa hasil ngaluyukeun (adaptasi) ka kaayaan lingkunganana.
Daun bisa digolongkeun ku rupa-rupa cara, sedengkeun tipeuna biasana mah luyu jeung ciri spésiésna, najan aya sababaraha spésiés nu ngahasilkeun leuwih ti hiji tipeu daun. Istilah-istilah nu patali jeung gambaran morfologi daun dipidangkeun di Wikipustaka.
Istilah
[édit | édit sumber]Margin (sisi)
[édit | édit sumber]Margin daun mangrupa ciri genus sarta ngabantu pikeun nangtukeun spésiésna:
Adaptasi
[édit | édit sumber]Sangkan bisa tetep hirup di lingkungan anu beurat, daun bisa ngaluyukeun manéh ku sababaraha cara:
- Bulu na beungeut daun pikeun 'néwak' kalembaban di nu cuaca garing, sangkan teu loba teuing nyaab
- Léaves rustle to move humidity away from the surface reducing the boundary layer resistance between the léaf and the air.
- Plant prickles are modified clusters of epidermal hairs
- Dilapis lilin sangkan teu loba teuing nyaab
- Small, shiny léaves to deflect the sun's rays
- Ngandelan pikeun neundeun cai (misalna cocor bébék)
- Change to spines instéad of laminar (blade) léaves (e.g. cactus)
- Shrink (to phyllodes) or disappéar (with the appéarance of cladodes), as photosynthetic functions are transferred to the léaf stem (Acacia species)
- Robah bentuk sangkan teu pati katebak angin
- Léaves to trap insects (e.g. pitcher plant)
- Change to bulb parts to store food (e.g. onion)
- Ngahasilkeun minyak aromatik pikeun ngusir hérbivora (misalna ékaliptus)
- Protect as spines, which are modified léaves.
- Ngarobah kelir pikeun ngirut serangga jeung manuk (misalna Poinsettia).
Tumbu kaluar
[édit | édit sumber]Wikimedia Commons mibanda média séjénna nu patali jeung Category:Leaves. |
Artikel ieu mangrupa taratas, perlu disampurnakeun. Upami sadérék uninga langkung paos perkawis ieu, dihaturan kanggo ngalengkepan. |
- ↑ Jonathan, Rigg (1862). A Dictionary of the Sunda Language of Java. Universitas Harvard: Bataviaasch Genootschap van Kunsten en Wetenschappen.